Jumat, 29 Januari 2010

Mahugi

Si nini olohok mata simeuteun basa ningali siaki ngadadak jadi gagah tur gandang, make calana jin belel lebah tuurna ngahaja cena ewol ewolan, kaluhurna make kaos oblong anu aya tulisan,

"Urang sunda ulah heuay wae EUY!" hadiah agustusan ti cep Kendi anu gaduh kios di jalan Suci. Sirahna dibengker ku slayer warna bodas polet beureum, make kacamata cengdem meunang meuli ti padagang asongan anu mangkal di terminal Cicaheum.

"Anjiir aki meni edun kitu, nek kamana ki ?" tanya sinini. "Puguh aki teh nek lalajo arak arakan tujuh belasan ka alun alun !" tembal siaki bari singkil.

"Har pan arak arakanana ge lila keneh, alesan we...boa boa nek nguliwed siaki mah !" sinini curigeisen.

"Puguh meumpeung salse, jeung deui meungpeung alun alunna lowong keneh, bari sakalian nek nepungan cep Kendi nek ngaralat ukuran kaos nu dipesen, da sugan teh aki teh lintuh boro boro pesen ukuran XL bule, sihoreng teh ukuran S ge logor !"

"Mangkana ari jadi jalma kudu ngukur kakujur !"

"Heueuh..rarasaan teh ngora keneh,tapi najan casingna geus peot, ari ringtone-na mah,aki teh masih ngoncrang keneh, tahan banting deuih ngalawan abg lima aki teh sanggup keneh !"

"Hmmh...jig jig kadituh ari nek indit mah ulah loba pancarakem !" ceuk sinini bari jebi. Gandeang siaki muru ka pipir nuju ka tempat cocoanana anu diparkir di gigireun paranje, gerung gerung nyelah harley davidsonna, ceklak ditaekan,knalpotna mulek ngaluarkeun aseup minuhan jalan anu kaliwatan. Diparapatan ngarandeg sakeudeung, terus rurat reret ka lebah gardu ronda paragi barudak ngumpul ngadon garigitaran.

"Tuh geuning cep Kendi kabeneran pisan !" gerentes siaki bari muru gardu.

"Akiii..ha wa yu aki ?" ceuk cep Kendi satengah ngagorowok. "Ari awak mah cageur cep...ngan kahayang loba keneh anu can kalakonan ieu teh!".

"Nya hoyong naon deui atuh ki, harta aki mah tos balatak, incu pon kitu deui, hoyong naon deui ?"

"Lain kitu euy...pan nagara urang teh geus merdeka 58 taun lilana, tapi hasil tina kamerdekaan eta geuning can walatra,balukarna aya nu hayang pisah ti RIT,ahirna geuning papasean we jeung dulur sorangan, tah aki teh embung ningali nagri urang nu meunang hese cape ngarebut ti leungeun panjajah nepi kaayeuna ngan pakucrut wae, kieu kieu ge aki teh baheula ngilu barjoang najan modal ngan ukur bedil angin buatan Cipacing,tapi ku tangtara nipon mah aki teh dipikagimir !"

"Percanten ari kitu tea mah...ari aki teh bade kamana ?" cep Kendi unggut unggutan dituntungan ku nanya ka siaki.

"Puguh aki teh ngahaja nek ka hidep bari sakalian JJS,tapi kaparengan papanggih didieu !"

"Aya peryogi naon kitu ?"

"Nek ngaralat pesenan kaos tea, tina XL ganti ku S leungeun pondok hiji, tah ditambah ukuran M lima siki mah !"

"Nya nu limana kanggo saha ki ?"

"Ssstt..tong tarik teuing bisi kadengeeun ku sinini...kamari teh dipengkolan jalan aya nu kulap kelep we ka aki, meh tereh ngagentewel nek dipahugi kaos itung itung kenang kenangan!"

"Ari sesana ?"

"Sesana jeung mahugi oge, mun engke aya wanoja datang dina kongres... sakali deui omat ulah rea beja ka si nini... gawat !"

"Ari eta saha nu tukangeun aki...?" ceuk cep Kendi serengeh bari nunjuk kanu ngabedega bari mulak cangkeng.

"Balik siah...aki aki tujuh mulud !" sinini kekerot bari ngajiwir ceuli siaki (SR)

Titungtung Lembur Keneh

Titungtung lembur keneh barudak ngagimbung ngabring ngabring nu anyar datang, biasana nu sok di abring abring ku barudak teh mun aya tukang topeng monyet datang,sihoreng nu datang teh geuning rombongan "tok tok wow" anu di kokojoan ku selebritis Kusnet nu katelah kang Taopik H. Savalas.

Beja pabeja, beja yen kalembur eta aya grup tok tok wow datang oge nepi ka ceulina mang Sahim anu kaparengan keur dirorek ku bulu hayam. Najan keur peureum beunta ngararasakeun pelemna dirorek bulu hayam, ari ngadenge grup tok tok wow datang mah mani ngorejat terus ngagorowok kapamajikanana.

"Surtiii....gancang cokot cangkang sabun merek sikoboy,tuh aya patugas tok tok wow kadieu..!" mang Sahim hariweusweus. "Keheula atuh...ieu keur ngancingkeun kutang meni hararese kieu !" ceuk bi Surti bari terus ngojengkang kakamar mandi.

"Apana lumayan euy...aya sapuluh siki,mangkaning dina tivi ge lamun leuwih ti lima sok dibere saratus rebu !"

"Atuh mun kitu bisa ngebul..euy" Keur guntreng kitu diluar aya nu uluk salam, sihoreng patugas tok tok wow datang.

"Sampurasuuuuunnn!"

"Rampesss!" tembal mang Sahim

"Punten abdi saparakanca ti tim tok tok wow tea mang !" ceuk patugas bari ngasongkeun mik ka mang Sahim, nu saurang deui nyorotkeun kamera. Bi Surti uman imen gumeulis dihareupeun kamera, can acan dititah, bro cangkang sabun sikoboy digebrokeun ka patugas.

"Ke..ke...ke...punten bi...ayeuna mah nu ditaroskeun teh sanes cangkang sabun!"

"Nya naon atuh ?" bi Surti jebi rada hanjelu.

"Kumargi ayeuna bade tujuh belasan,simkuring saparakanca bade ngayakeun program PSK (Paraputra Simpay Katresna) tah kukituna upami bibi gaduh putra dua kenging hadiah lima puluh rebu,gaduh tilu kenging saratus rebu, upami langkung titilu sajalmina dietang dua puluh rebuan...ari ayeuna si bibi gaduh sabaraha urang putra teh ?"

Ngadenge kitu bi Surti nyenghel bari ret ka barudak anu ngagulung. "Upami percanten mah murangkalih anu tadi ngabring-ngabring bapa-bapa teh taya sanes pun anak !"

"Baruuukk...paingan atuh mani sarimbag jeung mandahna !" ceuk petugas tok tok wow bari ngareret ka mang Sahim, nu direret serengeh bari terus ngagorowok.

"Daaaak..gancang baris nek diitung yeuh !". Teu kungsi lila kurunyung aya aki-aki dipapayang ku opat urang awewe bahenol terus nyampeurkeun kapatugas...pok petugas nanya.

"Ki...ieu teh tuang putra sanes...meni gareulis kitu ?"

"Hiss..tong gagabah..ieu teh gacoan aki...tah nu pang mencrangna karek lima bulan ngadahup jeung aki!"

"Punten ki...sakali deui punten..nu bade dipasihan hadiah teh anu seueur putrana, sanes nu seueur garwana !" patugas tok tok wow mamandapan.

"Tuh pan saur abdi ge geuning titatadi, sanes polygami award...

Serba Serbi Tujuhbelasan

"Teu karasa geuning nagara urang teh geus 58 taun merdeka, mun ningali dina umurna mah geus meujeuhna metik hasilna tina kamerdekaan eta. Tapi anu ngabukti ayeuna, tetep we kueh kamerdekaan teh di carapluk ku nu jaregud, ra' yat leutik mah angger we jumerit !" mang Suharma murukusunu.

"Heueuh euy..komo mun ningali nasib urang salaku patani,keur mah sawahna meledug kagaringan,harga gemuk jeung obat ngawang ngawang, hasilna mun dijual celeketek teh teu sabaraha, boro boro bisa nyakolakeun anak urang ka perguruaan tinggi anu ngaliwatan jalur husus, jeung modal nyawah deui ge can tangtu !" sambung mang Sarkim bari ngalintingkeun daun kawung keur ududeun.

Enya ra' yat leutik mah ngan ukur bisa murukusunu, teu bisa walakaya ningali kaayaan kitu teh, tapi najan kitu ge teu weleh ari ngareuah reuah agustusan mah sarumanget keneh, unggal desa paeuyeub euyeub aleutan, paloba loba gotongan jampanna, paalus alus kreasi senina, papinunjul pinunjul dina prestasi olah ragana, ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut mapay mapay jalan desa,tepung ngalingkung kaalun-alun.

"Nya ku saha deui atuh mun teu dimeriahkeun ku arurang mah!" ceuk mang Karna anu kabagean nanggung jampan anu ngajeblag aya tulisan " Perhatikan nasib petani!"

"Heueuh da pamohalan pajabat mah daekeun nananggung jampan anu sakieu beuratna, mana moreret panas deuih !" tempas mang Ono bari ngelapan kesangna anu nyuruluk murag kana tulisan jampanna anu unina " Iraha jalan kalembur uing diaspal ?"

Sorena di unggal pilemburan sok diayakeun rupa rupa perlombaan kayaning, maen rebutan, balap karung,goyang Inul jrrd. Kitu deui di lemburna si nini gujrud yen sinini unggul dina lomba balap karungna.

" Edun euy sinini, teu nyangka bisa nyerepet kitu leumpang dina karung!" ceuk siaki muji sinini,atuh puguh we liang irung sinini ngadadak rebeh.

"Puguh ieu teh gara gara karungna aya beuritan, pas ngelengkah santok deui santok deui bujur nini digegel, karuhan lumpat nini beuki tarik!" jawab sinini

"Oh kutan kitu !" ceuk siaki bari ngaheheh
"Tah ari tadi aki pasangan jeung saha waktu lomba goyang Inul ?" tanya sinini

"Har nya teu sidik kitu....apan aki teh pasangan jeung si Odah anu karek dua bulan pepegatan !"

"Hmhh..raos nya pageye geye jeung randa ngora ?" ceuk sinini bari jejebris

"Tong cembekur kitu atuh ni..puguh tadi teh aya kasalahan teknis sugan teh balon anu dipake ganjel dada aki jeung dada si Odah teh can bitu, ku aki teh terus we di goyang ari pek teh geuning nu genyal teh gunung na angen angena si Odah !"

"Bedull...paingan atuh laguna geus eureun ge hayoh wae ngariyed !" sinini jebi.

"Geus ah tong kapapanjangan...eh ari tadi kunaon nini ngadadak ngajerit bari meumpeun carang ?"

"Hiihh...mun inget kanu tadi sok ginggiapeun keneh !" sinini bibirigidigan

"Nya ningali naon atuh ?" siaki panasaran
"Eta waktu si Juha ngilu maen rebutan, tihandap kolorna aya nu ngarawel, atuh puguh we jeroan si Juha ngaburahol hihhh !" ceuk sinini bari bibirigidigan keneh.

"Geuning make meumpeun carang sagala ?"
"Hayang sidik we..naha gedean mana jeung cocoan sinini ?" (SR).

Sababna Nagara Lila Maju

Ibro jeung Uhe balik nongton film kungfu. "Paingan atuh Cina teh kaasup nagara nu tinggaleun di banding Amrik."Nya, da nagara komunis mah, pasti kitu...lila rek maju teh."

"Ah, lain ku nu kararitu wungkul. Tadi katenjo, apan urang Cina mah, mun parasea teh, nepi ka jam-jaman gelut, make jurus kungfu shaolin.. beda jeung urang Amrik. mun parasea, ukur memenitan, da paheula-paheula nembakeun pestol. Urusan jadi tereh beres..."

"Bedul teh..." (MJ).

Basa Lemesna

Ua Sas: "Cik, ari lemesna leungeun naon?"
kang Hendri : "Pananganan"
Ua Sas: "Lemesna suku?"
kang Hendri: "Sampeyan..."
Ua Sas: "Tah ayeuna...ari lemesna beas, naon?"
kang Hendri mikir...uleng lila....naon nya?
Ua Sas: "Tipung...!!!!"
hahaha....

Ngado'a

Di hiji kampus cap gagak, rengse diayakeun rapat antar dosen unggal jurusan. panitia bingung milih saha nu rek nutup acara ku maca du'a. Akhirna salah saurang panitia kahareup, rek mingpin acara ngadu'a.

"Para wargi, alhamdulillah, acara rapat dosen antar jurusan parantos lekasan. Ayeuna hayu urang ngadu'a ka Gusti Alloh, menurut...jurusan masing-masing..." pokna bari yakin pisan. nu aya dirohangan ngabarakatak bari bingung, kumaha ngadu'a nurutkeun jurusan masing2 teh? hehehe (MJ)

Alesan

Cep Jon Towor katelah rada jarang mandi. Hiji mangsa nu jadi lanceukna mamatahan.

"Cik atuh Jon, sing rajin mandi... "
"Lah, mandi-mandi teuing, teu boga kabogoh ieuh... " lanceukna ngahuleng... Sababaraha bulan ti harita, Jon Towor kabejakeun boga kabogoh. Tapi anggeur, jarang mandi keneh bae.

"Jon, sing rajin mandi... "

"Mandi-mandi teuing, kabogoh geus boga... " Lanceukna rada sebel...
"Na ari maneh... ?"

"Kieu, teh, tuh tingali ucing, tara katingali mandi... lumpatna tarik... "
Lanceukna unggek. "Ayeuna... tingali lauk... sakitu unggal detik mandi, anggeur we hanyir... " si Teteh lanceuk Jon Towor beuki lieur ngabandungan adina nu baong...hehe (MJ)

Salah Dokter

Hiji pameget sumping ka rumah sakit, hoyong ngalandongan soanten garwana nu peura malah dugi ka teu aya pisan. tapi salah lebet, kedahna ka dokter THT ieu kalah ka psikiater.

"Kumaha dok? si eneng teh, peura, dugi ka teu aya pisan sorana. sadaya obat tos diangge..."

"Kieu ieu teh, den. saleresna mah sumpingna teh kedah ka dokter THT, ari ieu ka sim kuring, psikiater. tah, urang landongan ku resep psikiater atuh..."

"Mangga, dok. kumaha carana?"

"Urang terapi we nya, garwa teh. engke wengi, uih ka bumi jam tilu, bari nyandak hiji istri nu herang mencrang...geura garwa teh tiasa deui aya soraan...." (MJ)

Dongeng Jurig

POÉ geus reup-reupan. Reketek Mang Linta mageuhan beulitan sarung dina cangkéngna. Awakna ngan dibungkus kaos oblong doang. Ka handapna calana komprang. Manéhna geus siap-siap rék muru ranggon pangancoanana di tengah kali. Sanggeus sagalana bérés mah léos mangkat bari ngajingjing korang.

Cai laut anu mimiti pasang mimiti ngarayap ka girang. Di beulah kulon layung kari sadalis. Geuleuyeung, Mang Linta nyorongkeun sampanna ka tengah kali, diwelah lalaunan. Teu lila ge nepi ka handapeun ranggon.
Sabot nalikeun sampanna kana tihang ranggon parantina, layung tilem dina poékna peuting.

Barang nyedek ka isa, poék mani meredong. Pantes bé da bulan kolot, manjing ka lilikuran. Jaba geus ti beurang kénéh teduh angkleung-angkleungan, kos geus deukeut ka usum hujan.

Di saung ranggonna, di tengah kali, Mang Linta nganco dicaangan ku lampu gantung nu caangna mérékététét. Pikirna, sugan peuting ieu mah loba hurang nu kabawa palid ku cai pasang. Bari memener tali ancoanana,
pangangguran manehna nelek-nelek ranggon-ranggon nu séjén. Katoong paroék. Aya gé ka beulah girangna, célak-célak. Ka marana nu ngaranco téh? Gerentes Mang Linta.

Geus tilu kali ngangkat, encan baé nyugemakeun haténa. Kalah hayoh wé boboso nu kasair ku ancona téh. Geus lima. Rada beulah kénca – okosna mah rada beulah sisi –kadéngé ku Mang Linta kos aya nu keur ngajala.
Manéhna ngintip tina sela-sela hateup ranggon. Enya bé, aya sampan nu keur ngajala, dicaangan ku lampu cempor nu dibawana. Ngan teuing saha-sahana mah, da ku Mang Linta jelemana ngan katempo belegbegna. Tetempoan Mang Linta mah aya duaan, kos awéwé jeung lalaki. Lalakina nu nébar-nébarkeun jalana, awéwéna mupulan beubeunanganana. Biasana mah nu sok duaan ngajala jeung pamajikanana mah Si Jaé. Kitu sangkaan Mang Linta téh.

Diitung-itung, sakitu geus sababaraha kali ngangkat, can aya nu mucekil baé. Bisa diitung ku ramo angkatan nu ayaan mah. Lolobana mah ngeplos deui ngeplos deui. Caina geus tiis deui kitu? Gerentes Mang Linta. Tapi
barang tungkul ka handap, kaciri kénéh nyéotna cai pasang téh ka girangkeun. Boborélakan. Ceuk itungan mah, tangéh kénéh kana surut. Didédéngékeun deuih ku Mang Linta téh, sugan aya kécépét-kécépét tenggak hurang. Bet euweuh pisan. Nu loba kadéngé mah kalah ka tenggak lauk, mani kukucibekan di ditu di dieu. Kos lauk galedé deuih tina sora tenggakna mah. Piuntungeun nu ngajala.

Mang Linta tungtungna mah lelenggutan, kateluh ku tunduh. Awakna ngajoprak, ngaréngkol dina palupuh ranggon. Tadi téh kuduna mah manéhna hanjat, tapi kapaksa nagen-nagenkeun manéh. Ari rék balik, korang pan kosong kénéh. Ceuk pikirna, boro-boro bisa setor keur urang dapur, keur ududna sorangan gé can tangtu mahi. Sugan rada peuting turunna hurang téh. Nu matak tuluy ku manéhna ditungguan, ngahagalkeun balik rada telat.

Di ranggon ancoan nu di girang téa, anu lampuna célak-célak, ayeuna mah geus pareum, tandaning geus euweuh nu nungguan. Boa kari manéhna anu masih nagen téh. Tungtungna mah Mang Linta kateluh ku tunduh. Ari hurang ager bé euweuhan.

Hiji mangsa Mang Linta ngulisik, kagandéngan ku sora kukucuprakan gigireun ranggonna. Manéhna gigisik. Lol ka luar, béntang timur geus lingsir ngétan. Piraku Si Jaé can hanjat mah, sakieu wayah geus deukeut ka janari leutik? Rét ka lampu gantung, geus pareum. Ku angin okosna mah. Ancoanana ngeueum kénéh, teu kaangkat-angkat da kasaréan.

Manéhna memener sila bari ngaringkebkeun deui sarungna kana awak, nutupan hawa tiris nu nyelesep. Lol deui, nolokeun sirahna tina lawang ranggon, hayang sidik ka sora nu kukucuprakan. Enya bé aya parahu, teu jauh ti ranggon ranggonna. Barang manéhna rék nyorowok, rék nanya saha-sahana nu di parahu, ari gujubar téh, sora aya barang beurat nu dijubarkeun ka cai. Mang Linta kerung, tuluy nyidik-nyidik deui. Ditenget-tenget téh, belegbeg parahu teu robah-robah ayeuna mah, kos nu dijangkarkeun. Rét manéhna ka handap, cai geus nyéot palid ka hilir. Ari parahu angger nagen, padahal diwelah gé henteu. Teu katempo aya gantar deuih. Okosna mah tadi nu ngagujubar téh enya sora jangkar nu dialungkeun ka kali.

Beuki heran baé Mang Linta téh. Sisinarieun aya nu paparahuan peuting-peuting bari jajangkaran sagala. Ilok nu rek ngajala atawa mancing mah? Sakieu wayah geus liwat tengah peuting. Kitu gerentes Mang Linta.
Sajongjongan mah, hayoh baé manéhna nelek-nelek parahu. Sugan enya nu rék ngajala. Jeung mun enya jelemana wawuh, rék digeroan.

Tapi ditutungguan téh, ti lebah parahu teu kadéngé sora-sora ranté jala. Boa nu mancing. Ah, enya meureun nu mancing, da katempo tina belegbegna mah kalah ka dariuk. Tapi teu lumrah deuih wayah kieu aya nu
mancing, komo di tengah mah, gerentesna deui. Biasana gé malem Minggu loba nu mancing mah. Kitu gé naragogna téh di sisi kali bae, atawa dina parahu nu dicangcangkeun di sisi muara. Langka anu ngahaja ka girang mah. Pan ayeuna mah karak malem ..... Mang Linta nginget-nginget poé. Juma’ah ayeuna téh. Enya Juma’ah. Aéh, naha aing poho-poho teuing, gerentes Mang Linta kos nu reuwas. Paingan batur-batur aing teu ngaranco, da malem Juma’ah, gerentesna deui. Tapi leuwih ngarénjag Mang Linta téh, barang ti lebah parahu nu buang jangkar téa, kadéngé sora awéwé nyikikik.

Aya kana saparapat jamna Mang Linta samar polah di jero ranggonna. Rék ngangkat ancoan, bébérés terus hanjat, sieun ngagareuwahkeun anu keur otél dina parahu. Hanjakal teu hanjat ti tatadi. Mun ti tatadi mah, waktu nu dina parahu karak jol ka dinya, moal éra atawa sieun kos ayeuna meureun mun rék hanjat téh. Ayeuna mah, sasat manéhna geus nyaksian jeung nyaho sagala rupana nu dipilampah ku awéwé jeung lalaki nu otél dina parahu téa. Atuh ari rék kaluar ti ranggon téh ayeuna mah jadi serba salah. Leuheung lamun ituna teu nanaon ka manéhna. Kumaha lamun malik nuding ngintip ka manéhna. Eta deuih, bet kabina-bina teuing nu di parahu téh, kos teu boga curiga nanaon. Parangsana aman bé meureun, da aya di tengah-tengah kali.

Tungtungna mah Mang Linta kalah ka ngahéphép baé di ranggon. Rék ngangkat ancoan gé teu wanieun, da ngeueum ti saméméh kapulesan. Panonna rét deui rét deui ka lebah parahu. Najan enya ukur reyem-reyem,
tapi tina sora jeung robah-robahna nu ngabelegbeg mah, kaciri pisan, keur naon nu di parahu téh. Wayah beuki nyedek ka janari. Hawa beuki nyecep kana kulit.

Tungtungna mah Mang Linta ngarasa kaluman. Cindeten baé téh matak ngeselkeun baé haténa. Pitunduheun gé ngadadak musna. Antukna manéhna mikir, rék néangan jalan sangkan aya alesan bisa ninggalkeun ranggon. Rét kana ancoan anu masih kénéh ngeueum. Rét deui kana parahu nu buang jangkar. Sora-sora nu matak géték kana ceulina, terus baé kadéngé. Mun aing téh bisa ngaleungit, gerentesna.

Ah, rék lah-lahan baé, gerentesna deui. Ceg kana gagang ancoan. Saméméh ancoan diangkat, manéhna narik napas heula, kos keur ngawahan. Bari ngarérét ku juru panonna ka lebah parahu, jurungkunung ancoanana
diangkat. Waringna dijungjungkeun ka luhur bari digibrig-gibrig. Séah caina nyurulung. Ti dinya mah manéhna teu wanieun deui nempo ka lebah parahu. Nagen bé sajongjongan mah, bari nahan gagang ancoan sina angger ngajungjung. Dadana mah gegebegan, bareng jeung ngerecekna sora cai nu masih nyurulung tina waring anco. Rét kana eusi anco, rada mondoyot. Ditelek-telek rada ayaan. Talina gancang dikenyang, ngarah eusi anco téh arasup kana bubu handapeunana. Kerud téh, gerentes Mang Linta, ari geus wayah kieu karak ayaan.

Karak saenggeus sora kerecek cai jempé, jeung saenggeus gagang anco ditanggeuhkeun, manéhna lalaunan ngalieuk ka lebah parahu. Puguh bé ngaranjug deui Mang Linta téh, lantaran parahu téh geus euweuh ti
tempatna. Horéng geus aya di hilir, rada jauh. Kos diwelah semu rusuh, muru muara.

Mang Linta ngarénghap. Salila-lila manéhna ngajentul baé, bari teu miduli hawa janari nu beuki nyecep.

“ABAH sia, hudang!” ceuk pamajikan Mang Linta, bari ngageubig-geubig awak salakina. Mang Linta teu gancang hudang. Kalah ka ahah-uhuh, bari angger peureum. “Yeuh, hudang! Penting!” pokna deui. “Peuting manéh balik jam sabaraha?” Mang Linta nguliat. Panonna karancam-keureunceum.
Pokna bari rada kerung, “Ku naon kitu?” “Itu batur ribut jurig!”
“Jurig naon?” Mang Linta beuki kerung. “Teuing! Pajar ranggon ancoan urang aya jurigan!” “Diandel teuing, Écih!” ceuk Mang Linta, kos horéam ngajawab, perbawa tunduh nu ngagayot kénéh dina panonna. Manéhna terus hudang, jarugjag-jarigjeug leumpang muru téko dina méja patengahan.

“Itu ceuk urang lélang,” témbal pamajikanana bari angger hariweusweus.
“Kumaha cenah?” ceuk Mang Linta bari angger kos nu horéam ngajawab.
“Ceuk Si Daud mah, Pa Mantri Pulisi nu manggihanana!” “Ah, siah!” curinghak ayeuna mah Mang Linta teh, mata bolotot kos manggih kerud. Panonna mencrong ka pamajikanana.

“Ih teu percaya mah tanyakeun ka ditu!” Bi Écih daria pisan. “Éta manéh jam sabaraha balik?” “Soré kénéh...,” Mang Linta ngabohong. “Cai surut gé aing mah terus balik. Meunang sabaraha on hurang téh?” “Sakilo satengah. Teu kurang teu leuwih!” “Uyuhan meunang gé...,” ceuk Mang Linta bari nyérang ka luar.

Pamajikanana terus baé tatanya. Panasaran okosna mah. Mang Linta mah angger, ngajawabna téh kos nu purun kos nu henteu. Lolobana mah dijawab saliwatan bae, ku ngawadul sawaréh mah. Nempo kitu mah, Bi Écih gé jadi boseneun sorangan.
“Malem naon peuting téh?” Mang Linta api-api. “Juma’ah!” témbal pamajikanana. “Pantes rék aya jurig gé!” ceuk Mang Linta bari ngagoloyoh ka luar.

Enya bé, barang ku Mang Linta dipapaykeun ka RT, nu manggihan jurig téh cenah Pa Mantri Pulisi. Lengkepna mah dongéng nu manggihan jurig téh kieu. Pa Mantri peuting éta ngersakeun mancing di kali. Malah cenah
hayang di tengah mancingna téh. Ka RT ménta disadiakeun parahu. Mancingna dibarengan ku upas kacamatan. Tah, waktu keur anteng mancing di tengah téa, ujug-ujug aya nu ngajurungkunung ti jero cai, di
ranggon ancoan nu teu jauh ti dinya.

Salila ngadéngékeun, reuwas aya hayang seuri aya Mang Linta téh. “Enyaan duaan jeung upas mancingna?” pokna ka RT. “Apan aing mah nyaksian pisan koloyongna?” témbal RT. “Naha RT teu milu maturan atuh?”
“Ngajakan mah ngajakan Pa Mantri téh,” ceuk RT bari ngabéléhém, “Tapi pan aing kudu ka nu kolot, Linta. Teu dikiliran mah meureun ngamuk...”

PEUTINGNA deui, cara sasarina, Mang Linta turun deui ka kali, rék nganco. Rét ka ranggon-ranggon ancoan nu séjén, angger paroék. Teuing mémang ngambeu galagat keur euweuh hurang, teuing kapangaruhan ku dongéng jurig peuting tadi. Nu écés, Mang Linta teu wanieun ieuh betus ka nu séjén ngeunaan kasaksiaanana peuting tadi. Mana komo barang nyaho mun nu dina parahu téh Pa Mantri Pulisi.

Cara peuting tadi, hurang téh euweuhan bae. Tapi Mang Linta teu putus harepan, terus bé nagen. Ras inget kana angkatan nu panungtungan peuting tadi, geuning rada mondoyot. Boa enya, hurang téh ayaanana ka
janarikeun, mun cai geus malik surut ka hilir. Sial, peuting tadi kasaréan.

Tengah peuting, geus kareureuwasan deui Mang Linta téh. Ti hilir aya deui parahu nu ngadeukeutan ranggonna. Malah ayeuna mah teu buang jangkar, tapi tuluy ka kolong ranggon. Teu lila gé nu ngawelahna
nyalukan. “Mang Linta...?” cenah, rada halon, sada awéwé.

Puguh bé Mang Linta téh ngadégdég. Bulu pundukna tingpuringkak. Beuki ratug baé dadana barang kadéngé aya nu nérékél naék kana ranggonna. Lol nu naék téh beungeutna kacaangan ku lampu gantung. Lipenna mani burahay.

“Dédéh...?” ceuk Mang Linta, barang mireungeuh nu datang téh pamajikan RT nu ngora. Dédéh kalah nyéréngéh. Mang Linta sawan kuya. “Rék naon manéh peuting-peuting kieu?”

“Beubeunangan tadi peuting?” témbal Dédéh, kalah malik nanya. “Kuatan, mani nepi ka subuh,” pokna deui, bari gék seselepét milu diuk dina ranggon. Pagégéyé. Mang Linta samar polah. Komo barang Dédéh némpélkeun biwirna kana ceulina bari ngaharéwos, “Ulah bébéja ka sasaha nya!” cenah

Jalma nu teu meunang dideketan

- Jalma nu sok ngadahar sendal capit atawa sapatu
- Jalma nu sok sare handapeun gilinding setum
- Jalma nu sok kiih di paimaran masjid
- Jalma nu sok mandi ku cai limun

Balikeun

"Pang malikeun MAGRIB"
"BIRGAM"
"Salah!"
"Subuh"
"Salah!"
"GAMBIR"
"Naha Gambir???"
"MAG, balikeun sok!"
"GAM"
"ayeuna RIB"
"BIR"
"Jadi?"
"GAMBIR, heueuh nya...!"

EUIS Jeung ASEP

Cik...rek kumaha lamun baraya jadi ASEP terus EUIS bebene ASEP anu rada
mahiwal nyarita jiga kieu :

Tong bendu,!.kang ASEP !..Sanajan urang sami-sami mikanyaah, EUIS micinta kang ASEP,! Tapi dalah kudu dikumahakeun ! Jangji pasini boa moal bisa ngajadi !..Lain EUIS teu nyaah !.Tapi ...tali paranti karuhun...kang !.Mangga reungeukeun ! Di kulawedet EUIS mah gulangkep, geura EMANG nikah jeung BIBI, AKI ngadahup ka NINI atuh kitu deui BAPA apan nikah ka EMA ! ari kang ASEP apan...lain baraya EUIS! Hampura kang ASEP !.EUIS..hampura!

Sosonoan

Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali

"Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi

"Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf 'S' contona Senen, Salasa jeung Saptu," jawab dokter.

Nincak poe kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare,kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya

“Malem naon ieu teh kang?"

" Malem SUM'AT.Sssttt!!" tembal kang Panzi bari nyenghel

Ngagagambar Jurig

Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"

Mbah Rewok : " Kuntilanak !"

Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !"

Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?"

Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah."
Tim : ?!@#

Ojeg Setan

Wanci geus nunjukeun jam salapan peuting, bi Ijah gura giru balik lantaran mun kapeutingan susah angkutan umum. Mun seug lain tatanggana nu kacilakaan,hoream cenah besuk karumah sakit peuting peuting. Geus satengah jam nagen disisi jalan can hiji hiji acan angkot ngaliwat, hatena tambah tagiwur lantaran hujan ngadadak ngagebret gede pisan, kapaksa bi Ijah nyalingker ngiuhan dihandapeun tangkal asem. Untungna hujan teh lila lila ngorotan, Teu kungsi lila, duka timana jebulna ujug ujug aya motor dihareupeun, nu numpakna langsung nawarkeun jasa .

"Bade kana ojeg ?" pokna teh.
"Ieu teh ojeg...? Mangga atuh !" bi Ijah semu nu asa asa.
"Ka Raja Galuh mang !"
"Mangga ! jawabna pondok

Ditengah jalan lamunan bi Ijah kumalayang,ras inget ka carita bi Ocoh nu nyaritakeun,yen dilemburna keur gujrud aya ojeg kajajaden,ceuk beja eta ojeg teh ririwana tukang ojeg anu tiwas ditelasan ku penumpangna. Bulu punduk bi Ijah beuki kedeplik lantaran sakeudeung deui bakal ngaliwatan kuburan tukang ojeg anu sok ngaririwaan tea.

"Boa boa nu ditumpakan teh, ojeg..ojeg...hih !" bi Ijah ngagibrig, katambah ti kajauhan hawar hawar aya sora anjing babaung. Najan sapapanjang jalan dirungrung ku kakeueung, tapi teu burung nepi ka lembur. Reg ojeg eureun dihareupeun imah, bi Ijah gura guru turun,terus kurah koreh kana dompet nek mayar ongkos, ngan kaparengan euweuh receh, song ngasongkeun duit saratus ribuan salambar. Gap ditampanan ku tukang ojeg, biur tukang ojeg langsung mabur. Bi Ijah kontan ngagorowok.

"Ojeeeeeekkkk Seeeetaaaaannnnn !"

Papatah Siaki

Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.

Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos.

"A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !"
"Aduh punten..sakali deui punten !" ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun leungeunna.

"Teu sawios A...! Euis Dohoy nembalan semu handeueul.

Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki panasaran pok nanya.
"Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah hilap deui ?"

"Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kahiji teh 'Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !'"

Politisi Jujur

Di Bunderan HI Jumad keur unjuk rasa bari ngacung ngacung sapanduk. Dina sapandukna aya tulisan daptar ngaran politisi busuk, keur kitu kareret ku saurang politisi anu keur naek bus way,pudigdig manehna siga nu ambek terus menta eureun persis di hareupeun si Jumad, tapi teu digugu lantaran dilebah dinya euweuh halte. Kapaksa manehna turun di halte anu jauh tidinya, bari haruhah harehoh pok ngomong satengah ngagorowok.

Politisi : "Nanaonan ieu teh ?" ( semu ngagidir)
Jumad : "Matak kieu ge supados masarakat terang, sareng dina waktosna nyolok teu lepat milih !"
Politisi : "Tapi kudu kumplit atuh nyatetna !" ( rada leuleuy )
Jumad : "Maksad bapa?"
Politisi : "Kieu kieu ge pan dewek teh politisi oge euy !"
Jumad : "Muhun pan nu dicatet didieu teh politisi busuk wungkul !"
Politisi : "Ih ari maneh asa belegug belegug teuing...dewek can kacatet didinya!"

Bandar Tarasi

Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.

Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas

"Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???" ceuk si Aki.

Si wanoja nembalan : "Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten"

Oray Ngahakan Linggis

A: "Oray naon anu teu bisaun ngaleor ?"
B: "Oray paeh."
A: "Pasti oray paeh mah moal bisaeun ngaleor."
B: "Ari geus oray naon ?"
A: "Oray nu tas ngahakan linggis."

Gelo

Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit
neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam
nanya ka hiji lalaki.

"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!

Ngajawab Soal Ujian

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make

Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna."

Nanya Pasen

Dokter: "Maneh sok sabaraha kali mandi?"
Pasien 3 : "Tilu kali pak!"
Dokter: "Hah.........iraha bae?"
Pasien 1: "Kamari, isukan, pageto"
Dokter: "Ari ayeuna?"
Pasien 3 : "Ayeuna mah saptu atuh pa dokter...."

Salah Ngajalankeun Tugas

Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.

Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !".

Juragan Oded : "Naha kunaon kitu?” ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)

Juragan istri : “Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?”

Juragan Oded : “Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu

Tukang Kai

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun teh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta pamajikan abdi teh!"

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"

Kondektur

Kondektur ka hot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah,
digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana, ku manehna geus katalar pisan. Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan, mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.

"Rek ka mana?" Mang Obing nanya.
"Ka Kadungora," tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna, "Tujuh ratus, disaruakeun
jeung ongkos ka Garut."
"Ari Emang, naon ieu teh?"
"Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus," tembal Mang Obing bari ngelemes.

Lurang Jeung Ulis 1

Ulis : "Pa lurah, abdi nguping wartos pa bupati bade dongkap ka desa urang"
Lurah : "Sadiakeun we endog dua bongsang mah, da biasana oge ari inohong
datang ka urang mun teu menta hayam nya menta endog, da ari sapi jeung domba mah euweuh nu boga."
Ulis : "Da sanes bade nyuhunkeun endog pa, saurna bade marios pangwangunan mushola di desa urang."

Lurah : "Heueuh endog ongkoh lis..."

Lurang Jeung Ulis

Bupati : "Lurah, ari mushola di desa lurah aya sabaraha ?"
Lurah : "Lis, mushola di urang aya sabaraha lis?"
Ulis : "Lima pa lurah"
Lurah : "Lima pa bupati"
Bupati : "Lurah, ari madrasah aya sabaraha?"
Lurah : "Lis, lis, ari madrasah aya sabaraha?"
Ulis : "Aya dua pa lurah"
Lurah : "Aya dua pa bupati"
Bupati (rada ambek) : "Na ari lurah, ditanya teh bet nanya deui ka si ulis, naha teu apal jumlah masjid-masjid acan. Cing ayeuna kuring rek nanya deui, ari ngaran ki lurah saha?"
Lurah : "Lis..lis..ari ngaran bapa saha?"

Mihape Kuda

Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak : "Sieun nyepak atuh."
Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"

Mimiti Masantren

Jang Ibro mimiti masantren. Manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. Atuh rada bingung. Nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.

"Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai. dupi ari asakna kumaha, nya?"

"Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak..."jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu gagolak dicagap. puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. balik deui ka jang Juhe.

"Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?"
"Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap..."

Situasi Kondisi Toleransi Pandangan dan Jangkauan

Di sakola cilovri nuju aya pelajaran bahasa indonesia. Guru bahasa indonesia nyarios dina bahasa indonesia.
Guru : "Anak-anak ku dalam menghadapi segala hal kita harus mempertimbangkan SIKONTOL PANJANG ya jangan lupa itu."
Murid-murid: "Haaaaaa... haaaaaaa..." ( sadayana sareuri,aya oge murid anu nyantri mah raray na janteun beureum da isin ngadangu eta ke'cap.
Guru: "Ada apa ini anak-anak kok malah tertawa sih. ( Kunaon barudak naha sareuri?)"
Murid-murid: "Ihh bapak mah jorok dan tidak sopan menjadi guru teh, bukannya mengajar dengan sopan."
Guru: "Memang apa yang jorok dari kata-kata bapak?"
Murid-murid: "Tuh bapak bilang SIKONTOL PANJANG."
Guru: "Oh itu,anak-anakku jadi belum tahu ya artinya SIKONTOL PANJANG. Kalian semuanya sudah berpikiran kotor dalam mengartikan SIKONTOL PANJANG ITU. Maksud bapak kita dalam menyikapi sesuatu harus memperhatikan SITuasi,KONdisi,TOLeransi,PANdangan,dan JANGkauan. Begitu maksud Bapak."
Murid-murid: "Ohhhhhhhhh..."

Maling Hayam Jeung Panganten

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.

Cilegon, 8 Desember 2006
Kiriman ti Tsabit
Nu ngumbara di Cilegon - Banten

Kunti Jeung Tukang Sado

Dina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas keur ditengah jalan mang Udin nu euker mengendarai kuda supaya baik jalanya, ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan bari make baju bodas bari buukna panjang nepi ka bujurna, ku mang udin ditanya:

"Neng bade kamana wengi-wengi kieu'?". "Nya eta mang bade ka ka bojong lopang" jawab na.

Tuluy singkat carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari ngasongkeun duit 20,000,.

"Ah neng sawios atuh" ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari init kana rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi rubah jadi daun kararas, Bari nga gurutu mang Udin nyarita "Dasar Kunti lanak",

teu lila sia wewe eta bijil dei tina rungkun anu poek bari nyarita

"Dari pada amang mah TUKANG SADO"

Kang Tito Utah Di Beus

Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa
dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.

CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.

Naheuran Pulsa

Naheuran Pulsa

Satu waktu seorang Bapak yang baru datang dari Toba mengunjungi anaknya yang sudah lama merantau di Bandung. Setelah beberapa hari tinggal di rumah anaknya dia pun bermaksud mengunjungi familinya yang tidak jauh tinggalnya dari tempat kost anaknya di perkampungan yang padat dan harus melewati gang-gang. Dia pun membeli 2 kg mangga sebagai oleh-oleh.

Di perjalananan karena gangnya memang sempit, setiap kali dia melewati orang-orang yang sedang duduk depan rumahnya, si Bapak mengatakan permisi dan disahut mangga. Si Bapak merasa heran, kok mereka tahu ya saya bawa mangga? Lalu diberikannya sebuah mangga kepada orang tersebut, demikian seterusnya setiap kali dia mengatakan permisi dan disahut mangga, dia memberikan sebuah mangga. Sampai akhirnya habislah mangga yang dibelinya tersebut.

Sesampai di rumah kerabatnya, dia pun menceritakan bahwa tadinya dia membawa mangga untuk oleh-oleh, tetapi diperjalanan habis diminta orang-orang. Dia pun menceritakan apa yang dialaminya dan kerabatnya itu pun tertawa terbahak-bahak...

Jang Adang Sada cenah mah manehna teh, sukses gede dina bisnis ngala durian. Unggal panen jaba seubeuh ngahenggoy durian, oge kapecretan rezeki katinggang durian nepi ka 10 juta unggal bulan. Kusabab ngarasa sukses, nya manehna hayangeun boga handphone saperti nu dipibanda ku Neng Dahlia nu geulis.

Manehna meuli HP di segitiga emas, di parapatan lima Cibaduyut, alias jalan Siliwangi. Kieu kira-kira obrolan manehna jenung nu ngajual HP:

Jang Adang (A) : "Kang, aya HP nu kira pas keur kuring, nu saperti dianggo ku Neng Dahlia tea?, mun bisa mah hentu leuwih ti dua juta."
Tukang HP (TH) : "Ohh . aya Jang, type na NOKIA 3260, ngan rada badag pamencetannana, benten saeuting ti nu Neng Dahlia. Keur Ujang mah lah cukup 1,5 juta wae."
A : "Boi... boi wah Si Akang mah. Jeung nomerna sakantenan pang masangkeun."
TH : "Pulsana nu sabaraha Jang, rek nu 25 rebu, 50 rebu Atawa 100 rebu..."
A : "Nu pangmahalna Kang, nu 100 rebu, piraku juragan pulsana ngan saeutik."
TH : "Kitu sae Jang, ngan Ujang di mana linggih?"
A : "Di Cibeulah tutugan gunung gede, lempeng ngaler anu brasna ka Babakan Saat, teras ngidul jol wae ka Cihanaang."
TH : "Wah Jang, jauh atuh kitu mah, jaringan operator encan nepi ka dinya.."
A : "Na ari si Akang, kuring teh juragan beunghar, bisi teu nyaho! Kuring hayang geura ngabel Ka Neng Dahlia, lamun 100 rebu teu cukup, keun ku kuring ditambah jadi 200 rebu asal nepi..

Kumpulan SMS Lucu

aku suka sama kamu...
aku suka banget sama gaya kamu....
aku suka liat kamu ketawa....
wajahmu begitu menggundah hatiku.....
apalagi kalo kamu punya EKOR.....
aku psti tambah senang liat kamu......


1. Gua pingin ngomong sama loe,,,, baca no 5

2. mmm.... Gimana ngomongnya ya.....???? Baca no 8

3. Penasaran ya??? Baca no 9

4. Dari pada bingung baca aja no 15

5. Gua gak berani ngomong nich!!!! 17 aja ya

6. Gua Pinginnya sich ngomong sekarang, tapi no 16 deh!!

7. Q bakal Ngomong, tapi baca dulu no 2

8. Yang pingin gua sampein tuch benar2 simple, makanya baca no 4

9. Gak usah deg2an gitu donk, Sederhana kok, Segampang baca no 18

10. Belum , Baca no 19 dulu !!

11. Mulai capek ya?? Sabar, Baca aja no 13

12. Sebenarnya gua pungin ngomong kalo (ah, Baca no 3 deh)

13. Tinggal dikit lagi, baca no 20

14. Duh, capek deh!!! baca no 21

15. Dah mulai pusing? Baca no 6

16. masih belum ngerti ya?? baca no 12

17. ah malu nich!!, baca no 7

18. gua gak tau, loe bakal ngerti apa gak!! Tolong baca no 10

19. Baca no 11 Dengan tenang ya,, ntar loe tau ndiri.

20.Sekarang gua ngomong deh, baca no 14 pelan-pelan ya



21. gak jadi ngomong wez !!! "MATA PUSING" @_@


Aku pahlawan kecil
Yang gagah berani
Bila belanda datang
Aku serang
Bila belanda nyerang
Aku bilang "Idiih...beraninya sama anak kecil!!!


Gawat Kawan... malaikat tau kalau ada satu setan yang kabur dari neraka... dan sekarang lagi menjadi buronan. Tapi kamu tenang aja. Aku gak akan ngasih tau kalau kamu ada disitu.


seLamaT ya... keBeRaDaaNmu seKaRanG suDah diPeRHaTiKan peMeRinTaH... kaRena seKaRanG oRanG HuTan sudaH maSuK daFTaR HewaN yang diLinDunGi... seKaLi LaGi sLamaT ya...


"Rowman"nya lagi tidur nie. Jangan lupa tutup pintu dan di"Oncy" Biar tidak di"Makki" ama Ortu and jangan lupa "PaShalat" yang khusuk agar terbawa mimpi yang "Enda" Dan menjadi "SurgaMu"


Ada 3 kategori monyet
1.Monyet Penurut: yang mau baca sms ini...!!!
2.Monyet Pendendam: yang mau balez sms ini...!!!
3.Monyet Pelit: yang gk mau balez sms ini...!!!